KASATIAAN SALIRA
Dipirig rincikna banyu ti jomantara...
Anjeun teu weleh jembar satia..
Ngahiyap kusimpay katresna...
Ngajajap ku hibar pidu'a
Anjeun teu weleh jembar satia..
Ngahiyap kusimpay katresna...
Ngajajap ku hibar pidu'a
Anjeun...
Teu unggut kalinduan hamo gedag kaanginan...
Tetep satuhu dulang tinande...
Lir nyimas pohaci ti kahiyangan...
Teu unggut kalinduan hamo gedag kaanginan...
Tetep satuhu dulang tinande...
Lir nyimas pohaci ti kahiyangan...
Tapi Kuring...
Teu elat milaraan kasatiaan anjeun...
Nyodeka... Mergasa naon rupa puspa salira..
Tapi anjeun jungjunan...
Ukur tamada dipirig ku cumalimba...
Teu elat milaraan kasatiaan anjeun...
Nyodeka... Mergasa naon rupa puspa salira..
Tapi anjeun jungjunan...
Ukur tamada dipirig ku cumalimba...
Sore ieu...
Hujan maseuhan waruga leuseuh...
Dedeg sampe tinggal lalungse
Nyangsaya teu aya walakaya..
Hujan maseuhan waruga leuseuh...
Dedeg sampe tinggal lalungse
Nyangsaya teu aya walakaya..
Sakali deui...
Anjeun mapag ku wanda marahmay..
Imut nu ngirut tapi hamo pangirutan..
Giler soca salira...
Ngahiap hiap naon rupa pamaksadan rasa..
Galindeng rasa nyoara.... tawis kaikhlasan salira..
Anjeun mapag ku wanda marahmay..
Imut nu ngirut tapi hamo pangirutan..
Giler soca salira...
Ngahiap hiap naon rupa pamaksadan rasa..
Galindeng rasa nyoara.... tawis kaikhlasan salira..
Teu kaampeuh.. Aya nu panas nyedek na jero dada...
Rasa kaduhung hamo kabendung
Malipir mapay sela sela soca...
Hanteu daya hanteu wasa...
Budal ngaguar galura rasa...
Mintonna ku keclak cimata...
"Hampura akang geulis....."
Rasa kaduhung hamo kabendung
Malipir mapay sela sela soca...
Hanteu daya hanteu wasa...
Budal ngaguar galura rasa...
Mintonna ku keclak cimata...
"Hampura akang geulis....."
Lamping Manglayang 05 maret'16
"Wanci Ngijih mangsa sareupna"
"Kuring nu kabulusan"