Rabu, 22 Juni 2016

Lolongkrang

Lolongkrang


kanyahokeun ku salira
di dieu di lamping manglayang
ranggeuyan nu jadi rundayan salira
aya ebreh tilu adegan..
tangtos aya cipratan rasa salira
dugi iraha kuring kudu mareman obor
hamo nirun seuneu.. ngebrehkeun carita nu pinuh cimata
palias lara tunggara nu ngancik na hate abdi
nyaliara ka rundayan salira
tangtos salira cadu ngaku
hiji wanoja dua jajaka
aya kiceup salira, aya rengkak salira
bongan getih tos katitih
mung payuneun Gusti sadaya bakal ngabukti
kedah atra setra... rundayan babad carita
Duh Gusti.....