Selasa, 30 Juli 2019
Sabtu, 06 Juli 2019
LENYEPAN
lenyepan.....
linduk iyuh tara cunduk nalika srangenge medal
katumbiri anu nyari...
suda medal kajaba nyimbeuhan heula
paralun jungjunan... sanes seja ngawurukan...
eta kabeh totonden keur lenyepaneun
ulah humandeuar lamun kudu nete akar
ulah ngangluh ku kabingung nu nalikung
pancen urang ngan wungkul narik amekan...
bari lain nafas urang
komo angin numinuhan dada urang...
Tangtu lain boga urang
ukur mencrongkeun paninggal
bari lain panon urang...
komo kasetraannana estu lain milik diri
ukur ngaregepkeun reungeu
bari lain ceuli urang
komo pangrunguna nu tangtu lain nu urang
ukur ngejatkeun lengkah....
bari lain suku urang.... lain digdaya urang
komo bumi nu di dampal... palias lain nu urang...
naha atuh kudu ngangluh....
naha atuh kudu marudah
mun hirup teu loyog jeung nafsu urang...
lain salah hirup... lain salah nu ngahirupan...
tapi diri anu kalangsu...
sabab migusti ka nafsu..
cag urang ecagkeun...
ulah silo ku kalakay jeung pangpung garing
sabab hirup nu sajati lain ukur rek siduru...
Gunung Manglayang;
4 hapit/7 Juli 2019
mangsa nyorangan di padumukan
Rabu, 03 Juli 2019
Senin, 01 Juli 2019
TERLALU JAUH...
Sebuah pohon menarik hati....
penasaran dari apa pohon itu terbuat
seseorang mencari hingga menggali sampai ke akar
akar terangkat....
pohon pun mati
kasihan sekali
penasaran dari apa pohon itu terbuat
seseorang mencari hingga menggali sampai ke akar
akar terangkat....
pohon pun mati
kasihan sekali
Langganan:
Komentar (Atom)




