HARIANEUN
Lain eta nu dipikamelang
Lubarna lalangse lain totonden leburna rangasu
Tetep napak lir tapak jalak ngagurat jagat
Ngan kururub padung nu bisa nundung
Najan natrat alamat dina tutunggul
Hamo ngaguar paitna beuti nu moal lebur....
Reup....

Gunung Manglayang,
Wanci pecat sawed, Syawal katompernakeun