Kamis, 15 September 2016

Tapak Lacak Leutak




Aya rasa nu gumbira....
teu bisa digambarkeun ku aksara
nalika leutak nu ngaraketkeun...
antara kuring jeung aranjeunna....

aya seuri nu bungangang... tapi lain nyeungseurikeun...
aya rangkulan, sangkehan, paguley pinuh kanyaah heman...

kaheman lir bapa jeung anak... 

sajatina.... ukur sawangan... ukur kahayang
nu hamo kasorang 
carita mangsa ka tukang



"Titih wanci Mieling Agustusan 2016"