LILLAHITA'ALA
Kalakay nu murag ngoleang..
Najan anjeun nguguran...
Estu taya pinajenna...
Lagrag tanpa sora awahing suda pangawasa
Taya nu malire... taya nu mirosea...
Najan anjeun nguguran...
Estu taya pinajenna...
Lagrag tanpa sora awahing suda pangawasa
Taya nu malire... taya nu mirosea...
Tong leutik hate tong pegat harepan...
Timus na anjeun di amparan lemah...
Sanajan hamo ngajadi sirung..
Acining anjeun... nyuburkeun peletekna sirung...
Timus na anjeun di amparan lemah...
Sanajan hamo ngajadi sirung..
Acining anjeun... nyuburkeun peletekna sirung...
Ngan tangtu lain kiwari.. tapi tanwane jaga..
Nalika jirim ajur ngalebur sukma...
Ilang ngaran... sirna rupa...
Taya asma nu disabit... disebat.... disebut...
Tapi tapak lacak anjeun...
karasa tur mokaha ngariksa..
Nalika jirim ajur ngalebur sukma...
Ilang ngaran... sirna rupa...
Taya asma nu disabit... disebat.... disebut...
Tapi tapak lacak anjeun...
karasa tur mokaha ngariksa..
Ngan omat... cing jembar....
Asma anjeun... moal kasabit... kasebat.... kasebut
Sabab anjeun amal tanpa rupa... rasa tanpa raga...
Asma anjeun... moal kasabit... kasebat.... kasebut
Sabab anjeun amal tanpa rupa... rasa tanpa raga...
Ngan tetep panceg dina papancer..
Nu murbeng alam hamo kabobodo tenjo...
Anjeun... tangtu tetep keur anjeun...
Ngan ukur keur anjeun...
Nu murbeng alam hamo kabobodo tenjo...
Anjeun... tangtu tetep keur anjeun...
Ngan ukur keur anjeun...