Selasa, 22 Maret 2016

MAAFKAN

kalaulah bahagia itu adalah kekayaan
ingin kutitipkan kalian pada orang yang bergelimang harta
jika bahagia itu adalah popularitas
ingin kutitipkan kalian pada orang yang terkenal
kalaulah bahagia itu adalah pangkat atau jabatan
ingin kutitipkan kalian pada orang dengan sederet gelar

karena saat ini aku tidak ada apa-apa
dan kulihat matamu nanar,  mencerminkan ketidak bahagiaan
semoga aku salah...........

23 Maret 2016

Minggu, 20 Maret 2016

CIPATI HIRUP

CIPATI HIRUP

Jiga kalapa, nu jangkung jalugjug estu teu aya dahan..
dipulintir,  di lagragkeun...
di beset tapasna, di tarok batokna...
Di bahekeun caina,  dicokel dagingna
diparud... dikeueum ku cai panas..... diperes jadi cipati....

Mungguhing hirup
teu saeutik kaayaan jalma....
nu anteng keur diluhur.....
geus mangsana diala cipatina......
antukna .....................................................................
.................................................................................. 
..................................................................................

Rabu, 16 Maret 2016

GEREGET

NGABATIN


Asa kekejotan batin
Hayang gera ngapung ngawang-ngawang....
Tapi jangjang can tuwuh wae...

Sabar teh mahal kacida
Saperti mahalna citangis ditungtung peuting
Talangke... kaleked... kaburu disoro ku hibarna pajar

Naha aya bagean pikeun kuring...?

Minggu, 13 Maret 2016

WANGSIT PRABU SILIWANGI

      UGA PRABU SILIWANGI (WANGSIT PRABU SILIWANGI

Carita Pantun Ngahiangna Pajajaran
Pun, sapun kula jurungkeun
Mukakeun turub mandepun
Nyampeur nu dihandeuleumkeun
Teundeun poho nu baréto
Nu mangkuk di saung butut
Ukireun dina lalangit
Tataheun di jero iga!

Saur Prabu Siliwangi ka balad Pajajaran anu milu mundur dina sateuacana ngahiang : “Lalakon urang ngan nepi ka poé ieu, najan dia kabéhan ka ngaing pada satia! Tapi ngaing henteu meunang mawa dia pipilueun, ngilu hirup jadi balangsak, ngilu rudin bari lapar. Dia mudu marilih, pikeun hirup ka hareupna, supaya engké jagana, jembar senang sugih mukti, bisa ngadegkeun deui Pajajaran! Lain Pajajaran nu kiwari, tapi Pajajaran anu anyar, nu ngadegna digeuingkeun ku obah jaman! Pilih! ngaing moal ngahalang-halang. Sabab pikeun ngaing, hanteu pantes jadi Raja, anu somah sakabéhna, lapar baé jeung balangsak.”
Daréngékeun! Nu dék tetep ngilu jeung ngaing, geura misah ka beulah kidul! Anu hayang balik deui ka dayeuh nu ditinggalkeun, geura misah ka beulah kalér! Anu dék kumawula ka nu keur jaya, geura misah ka beulah wétan! Anu moal milu ka saha-saha, geura misah ka beulah kulon!
Daréngékeun! Dia nu di beulah wétan, masing nyaraho: Kajayaan milu jeung dia! Nya turunan dia nu engkéna bakal maréntah ka dulur jeung ka batur. Tapi masing nyaraho, arinyana bakal kamalinaan. Engkéna bakal aya babalesna. Jig geura narindak!
Dia nu di beulah kulon! Papay ku dia lacak Ki Santang! Sabab engkéna, turunan dia jadi panggeuing ka dulur jeung ka batur. Ka batur urut salembur, ka dulur anu nyorang saayunan ka sakabéh nu rancagé di haténa. Engké jaga, mun tengah peuting, ti gunung Halimun kadéngé sora tutunggulan, tah éta tandana; saturunan dia disambat ku nu dék kawin di Lebak Cawéné. Ulah sina talangké, sabab talaga bakal bedah! Jig geura narindak! Tapi ulah ngalieuk ka tukang!
Dia nu marisah ka beulah kalér, daréngékeun! Dayeuh ku dia moal kasampak. Nu ka sampak ngan ukur tegal baladaheun. Turunan dia, lolobana bakal jadi somah. Mun aya nu jadi pangkat, tapi moal boga kakawasaan. Arinyana engké jaga, bakal ka seundeuhan batur. Loba batur ti nu anggang, tapi batur anu nyusahkeun. Sing waspada!
Sakabéh turunan dia ku ngaing bakal dilanglang. Tapi, ngan di waktu anu perelu. Ngaing bakal datang deui, nulungan nu barutuh, mantuan anu sarusah, tapi ngan nu hadé laku-lampahna. Mun ngaing datang moal kadeuleu; mun ngaing nyarita moal kadéngé. Mémang ngaing bakal datang. Tapi ngan ka nu rancagé haténa, ka nu weruh di semu anu saéstu, anu ngarti kana wangi anu sajati jeung nu surti lantip pikirna, nu hadé laku lampahna. Mun ngaing datang; teu ngarupa teu nyawara, tapi méré céré ku wawangi. Ti mimiti poé ieu, Pajajaran leungit ti alam hirup. Leungit dayeuhna, leungit nagarana. Pajajaran moal ninggalkeun tapak, jaba ti ngaran pikeun nu mapay. Sabab bukti anu kari, bakal réa nu malungkir! Tapi engké jaga bakal aya nu nyoba-nyoba, supaya anu laleungit kapanggih deui. Nya bisa, ngan mapayna kudu maké amparan. Tapi anu marapayna loba nu arieu-aing pang pinterna. Mudu arédan heula.
Engké bakal réa nu kapanggih, sabagian-sabagian. Sabab kaburu dilarang ku nu disebut Raja Panyelang! Aya nu wani ngoréhan terus terus, teu ngahiding ka panglarang; ngoréhan bari ngalawan, ngalawan sabari seuri. Nyaéta budak angon; imahna di birit leuwi, pantona batu satangtungeun, kahieuman ku handeuleum, karimbunan ku hanjuang. Ari ngangonna? Lain kebo lain embé, lain méong lain banténg, tapi kalakay jeung tutunggul. Inyana jongjon ngorehan, ngumpulkeun anu kapanggih. Sabagian disumputkeun, sabab acan wayah ngalalakonkeun. Engke mun geus wayah jeung mangsana, baris loba nu kabuka jeung raréang ménta dilalakonkeun. Tapi, mudu ngalaman loba lalakon, anggeus nyorang: undur jaman datang jaman, saban jaman mawa lalakon. Lilana saban jaman, sarua jeung waktuna nyukma, ngusumah jeung nitis, laju nitis dipinda sukma.
Daréngékeun! Nu kiwari ngamusuhan urang, jaradi rajana ngan bakal nepi mangsa: tanah bugel sisi Cibantaeun dijieun kandang kebo dongkol. Tah di dinya, sanagara bakal jadi sampalan, sampalan kebo barulé, nu diangon ku jalma jangkung nu tutunjuk di alun-alun. Ti harita, raja-raja dibelenggu. Kebo bulé nyekel bubuntut, turunan urang narik waluku, ngan narikna henteu karasa, sabab murah jaman seubeuh hakan.
Ti dinya, waluku ditumpakan kunyuk; laju turunan urang aya nu lilir, tapi lilirna cara nu kara hudang tina ngimpi. Ti nu laleungit, tambah loba nu manggihna. Tapi loba nu pahili, aya kabawa nu lain mudu diala! Turunan urang loba nu hanteu engeuh, yén jaman ganti lalakon ! Ti dinya gehger sanagara. Panto nutup di buburak ku nu ngaranteur pamuka jalan; tapi jalan nu pasingsal!
Nu tutunjuk nyumput jauh; alun-alun jadi suwung, kebo bulé kalalabur; laju sampalan nu diranjah monyét! Turunan urang ngareunah seuri, tapi seuri teu anggeus, sabab kaburu: warung béak ku monyét, sawah béak ku monyét, leuit béak ku monyét, kebon béak ku monyét, sawah béak ku monyét, cawéné rareuneuh ku monyét. Sagala-gala diranjah ku monyét. Turunan urang sieun ku nu niru-niru monyét. Panarat dicekel ku monyet bari diuk dina bubuntut. Walukuna ditarik ku turunan urang keneh. Loba nu paraeh kalaparan. ti dinya, turunan urang ngarep-ngarep pelak jagong, sabari nyanyahoanan maresék caturangga. Hanteu arengeuh, yén jaman geus ganti deui lalakon.
Laju hawar-hawar, ti tungtung sagara kalér ngaguruh ngagulugur, galudra megarkeun endog. Génjlong saamparan jagat! Ari di urang ? Ramé ku nu mangpring. Pangpring sabuluh-buluh gading. Monyét ngumpul ting rumpuyuk. Laju ngamuk turunan urang; ngamukna teu jeung aturan. loba nu paraéh teu boga dosa. Puguh musuh, dijieun batur; puguh batur disebut musuh. Ngadak-ngadak loba nu pangkat nu maréntah cara nu édan, nu bingung tambah baringung; barudak satepak jaradi bapa. nu ngaramuk tambah rosa; ngamukna teu ngilik bulu. Nu barodas dibuburak, nu harideung disieuh-sieuh. Mani sahéng buana urang, sabab nu ngaramuk, henteu beda tina tawon, dipaléngpéng keuna sayangna. Sanusa dijieun jagal. Tapi, kaburu aya nu nyapih; nu nyapihna urang sabrang.
Laju ngadeg deui raja, asalna jalma biasa. Tapi mémang titisan raja. Titisan raja baheula jeung biangna hiji putri pulo Dewata. da puguh titisan raja; raja anyar hésé apes ku rogahala! Ti harita, ganti deui jaman. Ganti jaman ganti lakon! Iraha? Hanteu lila, anggeus témbong bulan ti beurang, disusul kaliwatan ku béntang caang ngagenclang. Di urut nagara urang, ngadeg deui karajaan. Karajaan di jeroeun karajaan jeung rajana lain teureuh Pajajaran.
Laju aya deui raja, tapi raja, raja buta nu ngadegkeun lawang teu beunang dibuka, nangtungkeun panto teu beunang ditutup; nyieun pancuran di tengah jalan, miara heulang dina caringin, da raja buta! Lain buta duruwiksa, tapi buta henteu neuleu, buaya eujeung ajag, ucing garong eujeung monyét ngarowotan somah nu susah. Sakalina aya nu wani ngageuing; nu diporog mah lain satona, tapi jelema anu ngélingan. Mingkin hareup mingkin hareup, loba buta nu baruta, naritah deui nyembah berhala. Laju bubuntut salah nu ngatur, panarat pabeulit dina cacadan; da nu ngawalukuna lain jalma tukang tani. Nya karuhan: taraté hépé sawaréh, kembang kapas hapa buahna; buah paré loba nu teu asup kana aseupan……………………….. Da bonganan, nu ngebonna tukang barohong; nu tanina ngan wungkul jangji; nu palinter loba teuing, ngan pinterna kabalinger.
Ti dinya datang budak janggotan. Datangna sajamang hideung bari nyorén kanéron butut, ngageuingkeun nu keur sasar, ngélingan nu keur paroho. Tapi henteu diwararo! Da pinterna kabalinger, hayang meunang sorangan. Arinyana teu areungeuh, langit anggeus semu beureum, haseup ngebul tina pirunan. Boro-boro dék ngawaro, malah budak nu janggotan, ku arinyana ditéwak diasupkeun ka pangbérokan. Laju arinyana ngawut-ngawut dapur batur, majarkeun néangan musuh; padahal arinyana nyiar-nyiar pimusuheun.
Sing waspada! Sabab engké arinyana, bakal nyaram Pajajaran didongéngkeun. Sabab sarieuneun kanyahoan, saenyana arinyana anu jadi gara-gara sagala jadi dangdarat. Buta-buta nu baruta; mingkin hareup mingkin bedegong, ngaleuwihan kebo bulé. Arinyana teu nyaraho, jaman manusa dikawasaan ku sato!
Jayana buta-buta, hanteu pati lila; tapi, bongan kacarida teuing nyangsara ka somah anu pada ngarep-ngarep caringin reuntas di alun-alun. Buta bakal jaradi wadal, wadal pamolahna sorangan. Iraha mangsana? Engké, mun geus témbong budak angon! Ti dinya loba nu ribut, ti dapur laju salembur, ti lembur jadi sanagara! Nu barodo jaradi gélo marantuan nu garelut, dikokolotan ku budak buncireung! Matakna garelut? Marebutkeun warisan. Nu hawek hayang loba; nu boga hak marénta bagianana. Ngan nu aréling caricing. Arinyana mah ngalalajoan. Tapi kabarérang.
Nu garelut laju rareureuh; laju kakara arengeuh; kabéh gé taya nu meunang bagian. Sabab warisan sakabéh béak, béakna ku nu nyarekel gadéan. Buta-buta laju nyarusup, nu garelut jadi kareueung, sarieuneun ditempuhkeun leungitna nagara. Laju naréangan budak angon, nu saungna di birit leuwi nu pantona batu satangtung, nu dihateup ku handeuleum ditihangan ku hanjuang. Naréanganana budak tumbal. sejana dék marénta tumbal. Tapi, budak angon enggeus euweuh, geus narindak babarengan jeung budak anu janggotan; geus mariang pindah ngababakan, parindah ka Lebak Cawéné!
Nu kasampak ngan kari gagak, keur ngelak dina tutunggul. Daréngékeun! Jaman bakal ganti deui. tapi engké, lamun Gunung Gedé anggeus bitu, disusul ku tujuh gunung. Génjlong deui sajajagat. Urang Sunda disarambat; urang Sunda ngahampura. Hadé deui sakabéhanana. Sanagara sahiji deui. Nusa Jaya, jaya deui; sabab ngadeg ratu adil; ratu adil nu sajati.
Tapi ratu saha? Ti mana asalna éta ratu? Engké ogé dia nyaraho. Ayeuna mah, siar ku dia éta budak angon!
Jig geura narindak! Tapi, ulah ngalieuk ka tukang!

Minggu, 06 Maret 2016

PANGERSA



PANGERSA

Sanes abdi  teu ngartos upami salira nyamunikeun diri
Sanes abdi teu ngama’lum upami salira mupus kalangkang katukang
Abdi  ngartos kaperih ati  salira
Abdi  paham gudawang manah salira

Tapi……..
Kiwari tos jadi bukti
Aci  tresna salira  tos ngajirim diri

Saupami salira  bohak ku tapak lacak nu tos katincak
Saupami salira raheut ku cangreud anu pajeujeut
Komo kuring, anu sasat  teu dipiharep ku salira
Kasaha atuh diri kudu ngadakwa
Lamun salira tetep ngarasa jumawa
Kuring teu miharep saha nu salah saha nu bener
Tapi…  naha adil lamun diri jadi tumbal gurat sajarah salira?

Mun salira banget peurih nepi ka ngahapus ciri
Kumaha kapeurih kuring?



                                                                                                           Lamping Manglayang’ 7 maret 2016

GIRIMIS KAHIRUPAN



GIRIMIS KAHIRUPAN
(carpon ku Abu Fadhlan)

Sapaparat jalan Asep ngagas motorna, teu siga batur motor teh cing belenyeng,  maklum motor kolot, najan gas ditarik pol oge ngeyeted weh sakamampuanna. Ras deui pikirannana inget basa Asep karek kaluar SMA, pikiranna gilig seja nyukcruk laratan bapana.
“Dimana atuh bapa teh, abdi hoyong pendak sareng bapa…” gerentes hatena. Ras,  inget deui kana omongan indungna nu kungsi muka riwayat yen bapana teh kaitung jalma bageur, tur nyakola dibanding jeung sasamana mangsa harita. Cenah ceuk indungna bapana teh hiji lalaki anu someah, handap asor tur gede tanggungjawabna. Naon atuh alatanna nepi ka paturay  tur luluasan ninggalkeun Asep nu harita di jero kandungan?, Teu wasa Asep rek tumanya ka indungna. Da ukur di jawab ku cimata anu ngembeng.. Asep teu tega mun ninggali indungna kudu lara alatan kudu ngaguar mangsa katukangna.
“Do’akeun ma abdi rek nyiar pagawean…” harita Asep pamit kaindungna. Bari rada ngeureuceum maklum hate mah teu bisa dibobodo yen manehna ngabohong. Asep budak anu kurung batok, malah bisa kaasup kuuleun keur ukuran budak saumuranna mah, gilig pikir nyaba ka Kota nu karek apal ngaranna wungkul, seja maluruh bapana nu teu apal ti rupa-rupana acan.
Harita teh bulan puasa, asup ka tanggal 14-an bulan puasa. Jrut,  saurang lalaki turun tina beus. Palahak polohok di terminal. “kamana jang…?” aya kenek nu nanya. Asep ukur ngabigeu maklum teu apal kudu nanyana kumaha. Panas poe anu tarik, ditambah ku beuteung anu kosong maklum puasa, teu mugagkeun kanu lampahna. Asep ngadeukeutan tukang beca nu tengah tuwu. “punten bade tumaros upami ka alamat ieu kapalih mana?” tanyana baru ngasongkeun salembar kertas eusi alamat. Sanggeus dituduhkeun, gidig Asep leumpang sakaparan –paran. Dijugjug ku badarat da geus biasa leuleumpangan mah.  Teu  kacaritakeun di jalanna, sakumaha pituduh tukang beca tadi Asep anjog ka lebah anu dicaritakeun. Asep anjog ka hiji komplek anu alagreng bumen-bumenna. Harita wanci tereh maghrib, Asep neangan masigit seja ngareureuhkeun kacape sakaligus nungguan buka puasa. “ah da cai jang nginum mah aya” gerentesna. Sup Asep ka hiji masigit anu kaitung agreng, maklum aya di komplek aheng. Kabiasaan di masigit teh mun bulan puasa sok nyadiakeun jang tajil pikeun nu rek tajil di masigit, oge pikeun musafir. “Alhamdulilah bisa buka yeuh…” gerentesna deui. Bada taraweh Asep mendeko keneh di masigit. Jama’ah nuntutan mulang tinggal saurang lalaki anu pantesna marbotna eta masigit. Katingalina eta lalaki teh kulicingcat jiga nu geus teu betah. Asep isin rasa manehna ngalieuk terus manggut. “Adek mau kemana?” tanyana sopan. “oh, saya kebetulan musafir pak, saya niat untuk tidur di mesjid pak” jawab asep make basa Indonesia ngimbangan anu nanya. Eta lalaki teh ngahuleng pok manehna ngomong, “di sini ga boleh de’ ada orang yang tidak di kenal tidur di mesjid, sebaiknya adek lapor dulu ke ketua RT atau RW, kebetulan RT nya lagi pulang kampung jadi Adek langsung aja ke Pak RW” saurna bari tetep sopan. Ku sabab butuh asep ngamanggakeun.
Gok anjog ka hiji imah anu sigrong, saurang ibu-ibu muka panto, bari nitah asup, sabada diuk dina korsi anu kacida empukna keur Asep mah, jol saurang lalaki anu jangkung gede, salakina pipantesenna mah. “timana cep?” inyana nanya. Asep, timimiti sangrok jeung eta bapa-bapa anu taya lian ti pa RW teh hatena jigjig ratug. Aya rasa anu teu biasa, nya pon kitu deui si ibu timimiti oge ngan nilik-nilik kana guratan beungeut Asep teh. “Abdi ti cililin pa, sejak milarian wargi….” Jawab Asep pegat-pegat. “oh.. dimana kitu wargi teh? Eh ari nami encep saha?” pokna deui, “Wasta mah Asep pa, dupi wargi abdi teh saurna di wewengkon ieu..” jawab Asep bari ngeluk tungkul. “saha ngaranna…?” Tanya pa RW nyeleksek. Wargi abdi namina Amir”. Reup beureum beungeut pak RW teh demi ngadenge eta ngaran. “terus terang ka Bapa,  wargi teh wargi kumaha?” tanyana deui. “Abdi teh saleresna milarian pun bapa, anu saur pun biang mah namina Amiruloh, ari pun biang mah namina Maryam. Bari jiga nu kagok asong, teu asa-asa deui  derekdek weh Asep ngadongengkeun jujutannana sakumaha nu katarima ti indungna.
“Braakk..!!!” aya sora nu ngabeledak di rohangan tengah, jiga sora barang nu dibabetkeun. Sihoreng Asbak nu dibaledogkeun ku anakna di rohangan tengah, titatadi oge barudakna ngadarengekeun mangsa Asep cumarita. Ari Pa RW nungkup beungeut kudua leungeunna, demi bu RW sabada ngadenge dongeng kitu,  anjeunna ngajerit, bluk nyuuh.. anjeunna teu tarima kana naon anu didengena. Anapon Asep, leketey hatena leuleus. 24 taun salila hirup nyimpen kapanasaran peuting harita jadi peuting munggaran kabukana babak anyar hirupna.
“Bapa..!!” tilu budak muru ka Asep anu harita karek anjog ka pager imahna. Sakaligus muyarkeun lamunan Asep. Sapaparat jalan dibarengan girimisna hujan, asep ngumbar lamunan, nyoreang lampah katukang. “Assalamualaikum….!!” Ceuk asep marahmay, Muru ka barudak anu mapag. “Bapa ku naon nangis?” ceuk anakna capetang. Asep karek sadar mun tadi teh sajajalan bari ngalamun,  cipanonna murubut. “oh, tadi kapeureumpeunan, sok nyuhunkeun cai nginum  bapa…!” ceuk Asep mengkolkeun perhatian barudakna.

Cag.

Sabtu, 05 Maret 2016

TEU SAENDAH SINETRON (hiji carpon)



Teu saendah sinetron

“Eneng mah ayeuna tos di wisuda, malah Insya Allah bade diteruskan nempuh S2…” Asep ngan saukur ngabetem. “Atuh nu kadua tos katampi di UI.. nyandak jurusanna oge nu hese, nu lian mah seueur nu gagal… tapi Alhamdulillah si aa mah katarima” sambungna deui bari narik napas lugina. Asep  beuki tungkul kawas bueuk meunang mabuk. Kekecapan eta nongtoreng kadenge wae ku ceuli batin  Asep. Hujan beuki ngagebret, nu ngiuhan beuki loba, sanajan memang marake jas hujan tapi rada paur ningali hujan dibarung ku angin nu sakitu rongkahna. Tatangkalan pating pelenoy katiup angin. Asep masih nangtung hareupeun bengkel tempat ngiuhan, ras deui pipikirannana ngawang-ngawang, nyoreang mangsa katukang.
“Ari Asep tiasa ngaos?”  ‘duk..!  eta pananya teh nyentug karasana. Tapi Asep tetep balem, ngan unggeuk tandana ngaenyakeun. Perih pisan harita karasana ku Asep. Lain pedah ditanya bisa jeung henteuna ngaji, ngan eta weh asa disapirakeun,  pedah lain didikan jeung atikanna meureun.  Dimimiti dirina dikakandung ku indungna nepi ka ayeuna geus jalujug, Asep can pernah panggih jeung nu jadi Bapa. Sakalina panggih babasaan nu matak ngaraheutan karasa nurih kana jajantungna…
Ras manehna inget kana carita sinetron, kumaha digambarkeun hiji bapa anu teu pernah panggih, komo kasarna mah teu ngurus,  bakal atoh ngagabruk ka anakna anu haat nyukcruk neangan nu jadi bapa. Dibarengan ku menta hampura sabab rumasa geus tamelar.
“ulah di dramatisir hirup mah” beuki nongtoreng kana ceuli Asep. Omongan bapana basa anyar paamprok. Teu aya riuk-riuk ngarasa salah atanapi jorojoy hayang males katamelaranna salila ieu. Estu nu karasa ku Asep bapana teh kalah  ngabanding-banding kaayaan dirina jeung anak-anakna nu ayeuna,  nu sasat adi-adi  terena tea.
Hirupna bruh breh… mobilna aya, gedongna sigrong.. beuki era parada keur Asep. Rumasa manehna hirup prihatin ti leuleutik. Boro-boro mikiran sakola luhur, sasat pikeun ongkos namatkeun SMA oge jarang manggih, hirup estuning dilakonan ku leumpang. Ari ayeuna… Asep ningali kanyataan mun Bapa kandungna teh kaasup jalma aya. Paniatan Asep ngan wungkul hayang apal saha bapana teh jeung nepikeun pangbaktos hiji anak ka nu jadi bapa, estuning clik putih clak herang teu aya nu di anjing cai. Komo-komo rek nuntut raja kaya, atawa “ngagugat” naha salila ieu ditamelarkeun.
“nyaan hirup mah teu saendah sinetron” gerentes hatena. Bari ceg kana helm.. hujan geus mimiti raat, Asep gura giru hayang gera balik hayang nepungan kulawargana. Budak nu tilu nu jadi papaes hirupna, ngongkolak dina juru panon. “keun bae geulis, kasep.. hidep tong apal saha kokocoran hidep.. peun weh nepi ka bapa..” gerentesna bari nyelah motor bututna.

Lamping Manglayang, maret 2016

“nu teu percaya kana sinetron”

Kamis, 03 Maret 2016

RUMASA JEUNG KARUMASAAN

RUMASA


Memang bener naon diucapkeun ku tukang ngarang, hirup lain ngumbara tapi diumbarakeun. sagalana geus aya nu ngatur, aya nu murbawisesa. 
Ngan kangaranan manusia sok aya rasa kacingcirihi, ngagugat kana kadar nasib diri sanajan ditutup ku istighfar.... palias naudzubillah.....
Saha atuh nu hayang gubrak ka alam dunya dina kaayaan nu teu ilahar. diparengkeun indung jeung bapa talak paturay, bari saru nepi ka ayeuna carita anu sajatina. dipahing jigana pikeun kuring nalungtik saha nu salah jeung bener. 
Kuring jadi jalma anu kudu mandiri, neuleuman naon rupa kajadian jeung kaayaan ku sorangan, bari tetep kudu ditilaman ku wayahna jeung rumasa. Teu meunang loba pamolah, estu kudu nampi sadaya-daya.
Lamun kuring sakola, sakadar ngudag ka-fardhu-an wungkul. "sakola meunang tapi kudu murah". Kuring sakola diudag ku nikreuh... dijugjug ku leumpang kamana wae oge, slogan kuring harita "Nikreuh ngeureuyeuh sanajan bari jeung pateuh".
ceuk batur kuring boga uteuk nu rada onjoy... mun sakola peunteun teu ngerakeun. estu kuring jadi picontoeun pikeun nu lian, eta teh ceuk bu guru ketang.
Rumasa nepi ka kiwari,  kuring teu pernah nincak bangku kuliah. Padahal ceuk batur, sakali deui ceuk batur lain ceuk kuring... kuring bisa asup ka sakola luhur nu mana wae, nu dipiharep. Ngan eta atuh, sakali deui kuring gimir ku biaya. sabab ceuk batur kuliah teh biaya na mahal kaliwat langkung.
Kiwari lamun dina kahirupan natangga, dimana kuring rek minton.. rek mupuhu. geus ilahar mun ditanya "lulusan mana? gelarna naon?"
Biasana kuring ngabelehem.. teu wasa ngajawab sabab memang kuring teu pernah ngalaman sakola luhur.
mun geus kitu, biasana kuring "mundur teratur", balik deui jadi jalma anu "kuuleun"
hirup duh hirup..... 
Insya Allah kuring tetep syukur ka Hyang Agung anu maparin pirang kanikmatan ka kuring dugi ka denget kiwari.

Cag

Manglayang, 4 Maret 2016

"Wanci hujan girimis"




LAMUNAN

LAMUNAN 



Aya sukma nu ngajirim....
malih warni....
lain ngajadi batu, kayu atanapi kebulna halimun
lain oge sora tanpa katingal...
aya rasa nu kacipta
lain amisna peueut, lain asinna banyu sagara
komo paitna batrawali....
sukma anjeun rasa anjeun...
ngajirim jisim ngaraga sukma....
dina hieumna handeuleum
dina suwungna halimun...
ngagupay anu keur nahnay...
ngagero anu keur hamo....
Rep.....



01 maret 2016
"Anu banget sono"

Rabu, 02 Maret 2016

Kembang Tanjung Panineungan

KANGGO SALIRA

REGEPKEUN 


Jungjunan.......
saacan anjeun neukteuk leukeur....
sumangga regepkeun heula...
hileud ngancik di usum kembang, jaman buah tereh kasorang
sanajan can tangtu ngajadi buah, patamanan endah ku seuseungitan jeung kekembangan maneka warna...
atanapi hileud nyalin jinis mindah rupa ngajirim kukupu...
tetep endah pan enung....

lamun hujan terus ngecrek, ngabasehan jalan tarahal nu kuurang disorang...
mangga teuteup tuh kuwung na mega...
katumbiri... cukangna bidadari ngahiyap-hiyap pilampaheun urang...
melengkung mere tanggara yen hirup moal salilana nanjak...
jungjunan..
saha atuh nu mere sasajen...
ngabibita salira ku amisna boa jeung siga...
saha atuh nu nirun seuneu ku kalakay baseuh...
sanajan seuneu teu huru
haseup mulek meurihkeun soca batin anjeun...
regepkeun ku salira...
cing sabar jeung tawakal.....


24 peb '16
saung alum halimun manglayang
wanci carangcang tihang

KANGGO PUN BAPA

KANGGO PUN BAPA


Mugia anjeun ngama'lum
Arang na abdi ngadeuheus..
Margana inggis kubisi
Aya sangkian ka diri abdi
Aya nu di anjing cai....
Hapunten sanaos tikatebihan
Balungbang rasa salira nu diteda
Ngalap berkah ku sugan lan boa-boa
Hirup nyanding hurip tinemu nu dipiharep...
Aamiin...





Lamping Manglayang, 11 feb 2015

JAMAN BARANGASAN

JAMAN BARANGASAN

Pasosore, beda tisasari jalan macet, "aya kacilakaan meureun" ceuk hate. Kuring terus seseledek neang lolongkrang... sihoreng dihareup aya "tontonan". opat urang lalaki garagah... degdeg sampe rupa hade.. keur ngahadang mobil treuk ku motorna. beuki loba nu lalajo... beuki garagah katembongna eta lalaki teh..., teu lila "brak... brak..." kaca mobil dibabukan ku helm eta opat jagoan.
kuring teu hayang lalajo komo aya kereteg misah, rumasa kukakolotan, awak hengker jiga keuyeup apu.
sajajalan ngagerentes... "duh.. naha kiwari, jaman geus taya ras-rasan"
ceuk hate, lepas tinu salah jeung bener sagala pacengkadan bisa dituntaskeun ku jalan nu leuwih hade.
ras kuring ka jaman bihari, mangsa kuring ngalap elmu, cenah ceuk guru kudu "tenggang rasa tur tepa selira" kitu cenah ceuk guru Pe-Em-Pe.
eh... meureun da ayeuna mah tos teu aya pelajaran Pe-em-pe na oge ketang. rumasa kuring mah sakolana jaman "ini Budi..." tur sakola di sd inpres.
ngalenyepan jaman kiwari, naha kamajuan teh teu bisa kaharti ku pikir... naha kuring nu tinggaleun zaman kitu, ceuk basa legeg na mah "konserpatip". ras deui inget ka Mang Dodo.. guru ngaji jaman keur leutik. cenah saurna "hirup teh ulah kumaha jaman...." kituna teh bari nyepeng nyere kawung... lamun aya nu baong teu antaparah deui "cepret...!!" kana bitis teh... tapi Mang Dodo teu aya kacaritakeun dilaporkeun ka Komnas HAM atanapi ka KPAI. Duh.. mang Dodo.. naha pangersa jumeneng keneh kitu? mugia Allah SWT ngabarokahkeun hirup pangersa......"
jaman kiwari loba pisan lembaga anu ngontrol tur telik pisan kana naon rupa tontonan atawa hiburan. cenah tujuanna teh pikeun ngajaring supaya barudak kiwari henteu kapangaruhan ku budaya anu teu ilahar. sahingga barudak kiwari ngajangelek jadi barudak anu santun. kiwari mah si Cepot ge pan nyakola.. matak tara sempal guyon ku basa garihal, komo si gareng mah tara-tara acan manggung da teu lulus jigana sakola basa na teh. ari ceuk kuring pribadi... asa leungiteun justru ku heureuy cepot teh.
tapi naha sikep barangasan tur jumago asa aing uyah kidul jadi tontonan live di panggung jalanan.... padahal wangkid ayeuna, pan tos teu aya deui dina radio oge dongeng "si Rawing" atawa "Andi jago tutugan" teh....
Ah.... ngan rumahuh na jero hate, ieu meureun nu ceuk sosioloh mah disebut jaman Gen-way (Gen-Y) teh; da kuring mah cenah kaasup Gen-X; tangtu moal kaharti kupikir kuring, moal nyambung meureun. Atikan jeung didikan oge... jigana dilarapkeun jeung jamanna, nyatana jaman Gen-Y tea;
Mugia para ahli bisa nyieun deui teori sangkan jaman tetep maju tapi teu leupas dina ajen diri salaku bangsa anu someah, handap asor, pinuh ku sikep ajrih tur resep gotong royong.
cag...

Lamping Manglayang, 22 Feb
Mangsa pecat sawed

PANINEUNGAN 2

PANINEUNGAN 2

taun 80an.... manjing subuh hayam jago kongkorongok... di pawon nini kuring nirun seuneu, kepuh.. kepuh niupan songsong... seeng nyengsreng urut nyangu, aseupan geus diangkat, disangkeh... bru sanguna dibahekeun kana dulang digeber ku hihid bari diakeul cukil gede...
kuring diuk dina jojodog.. nungguan sangu uyahan nu dikeupeul-keupeul dina daun cau... sarapan matuh eta teh.
huut nu keur digodog geus cing peletuk jiga kawah gunung... tiap isuk aki kuring mulang ti tajug sok maraban hayam nu ngampih di kolong imah
isuk-isuk ngabring ka sakola.. baham ngarebul lamun ngomong... bakat ku tiris.. mapay galengan.. mentas balungbang nu euweuh cukangan, caina paling jero satuur kuring... kadieunakeun, mangsa kuring kelas lima mang Aja nyieun cukang dina tangkal jambe dua leunjeur...bras ka kebon jagong, kebon hui, nepi ka anjog ka sakola sisi pasawahan. mindeng ebat sakola teh, resep ningali nu ngaleugeut piit ku geutah nangka
balik sakola, tara geuwat mulang... tapi ngasag hui heula.. tampolana lamun ngasag hese mah, jeung pareng mang Udi balangah.. kebon hui na teh di ranjah.. nepi ka imah baham pinuh ku taneuh, sabab hui atah digegelan sajajalan
teu aya kagiatan les, eskul jeung sajabana harita mah. estuning balik teh langsung ulin...
aki kuring sok nitah ngarit, pikeun parab "si langgir" domba adu jawara, kameumeut aki eta teh.. kadang-kadang sok dituntun dibawa ka walungan cibeureum dikeueumkeun, dimandian.
pasosore wanci asar, kuring sok dikeprak-keprak ku kolot teh di titah mandi, budak lalaki mah bring ka balungbang.. ngarojay, lamun budak awewe ka lebak.. kapancuran seke atawa ka sumur siuk. ari kabiasaan aki kuring matuh.. jam sakitu teh ngajingjing radio rek ngadengekeun dongeng mang Rahmat nu diteruskeun ku ngaregepkeun ceramah AF ghazali.
mangsa kuring kelas tilu sd, sok resep mun balik sakola mawa timbel lalajo buldoser.. ngadoseran sawah aki kuring. teu ngarti naon sababna didoseran, ngan nu tangtu munding oge geus dijual, duka naon caritana da harita mah dipahing pisan budak hayang nyaho urusan kolot. Malah aya hororna sagala, mangsa ngadoser kuburan di wewengkon cibarengkok mah loba tangkorak cing gulutuk. tapi harita mah resep weh....
ayeuna tahun 2016
kuring nangtung sisi pom bensin, jalan Dr Djunjunan.. saha nu teu apal ka jalan eta, akses ka panto tol Pasteur... primadona urang luar kota lamun nyaba ka Bandung. Kebon sampeu, kebon hui, jeung kebon jagong... ayeuna jadi perguruan tinggi elite di wewengkon eta.. Tegal pasireun balungbang tempat kuring ngangon jeung menbal, jadi real estate nu gerbangna di jaga ku satpam. sawah aki kuring kiwari jadi hotel, jadi super market.
malah maju ka sisi kota, lapang brimob tempat kuring lalajo Ajat, pamaen Persib, idola kuring harita; ayeuna jadi mall anu araheng.
pangeusina matak era nu nempo.. baju parungsat.. buuk barule....
naha indonesia keneh kitu ieu teh?
naha nyunda keneh kitu didieu teh?


24 peb '16
wanci manceran
"kuring nu kampungan"

PANINEUNGAN

PANINEUNGAN 

mangsa kuring keur leutik aya sababaraha kaulinan anu jadi karesep.. tapi ayeuna ampir teu aya.

GATRIK
kaulinan anu bisa dipaenkeun ku lalaki atawa awewe; dibagi dua kolompok. lamun nu eleh kudu engkle atawa ngakod grup nu meunang... sajauh rokrak gatrik dibetrik. Duh... waas

DODOKARAN
kaulinan teknik budak baheula... bahan tina awi di ropea (rancang bangun) jadi model dokar, ditalian ku karet. ban na tina sendal capit anu pegat dibuleudkeun... minangka laherna neangan katukang ngaput solobong urut bola. kadang make totoroktokan nu dijieun dina kaleng susu make kuningan urut eusi pulpen. di ropea satekah polah mun dipajukeun teh sok sada. mindeng diulinkeun dina bulan puasa, make lilin... balik taraweh, sarung disolendangkeun.. terus ngadodorong dokar. Endah pan....

BEBEDILAN
kaulinan teknik oge. awi di beulah... diropea jiga bedil.. ditalian pake karet. nyieun panyapit paranti pelor. ari pelorna tina pentil jambu aer... kadang budak harak mah pelorna diganti ku pentil papakuan.. leuwih tarik.. leuwih nyeri mun keuna teh. Duh... aheng pisan.

GALAH
biasana dipaenkeun peuting lamun caang bulan. di lapang badminton di kebon awi. ari lapang badminton teh gurat na ku awi dibeulahan. nepi ka ayeuna tuur kuring masih keneh aya tapak urut soek sabab keur lumpat.. kasuntrungkeun...pas labuh nyisit kana awi nu jadi gurat kalang badminton. wow... linu na karasa keneh....

SONDAH
cenah kecapna tina basa walanda, teuing kumaha ejaanna... ngan resep weh... lolobana dipaenkeun ku budak awewe... aya sondah rebu, sondah kapal, sondah cabrek jeung rea rea deui. wah Rame pokona mah

PERANG GOBANG
Meureun inspirasina dina pelm zoro...kaulinan anu maskulin ieu mah. Harita masing-masing budak boga gobang kojona... paalus-alus, paherang-herang... umumna dijieun dina awi... tapi ari nu motekar mah nyieun dina tangkal kopi.. matak teuas teu gampang potong. Edun pokona mah
sajabana anu diluhur loba keneh kaulinan anu rata-rata harita mah outdor... aya ngadu kaleci, ngadu karet, kobak, sepdur, sasalimpetan, bancakan, dar-daran, sorodot gaplok, congklak jeung rea-rea deui nu ayeuna tinggal sawangan. Guareun kuring dina alam lamunan mangsa nyawang panineungan.... nu geus teu larap jeung kaparigelan budak kiwari, sabab eta kaulinan teh geus kuno.
meureun..........


3 Maret 2016
"Kuring... urang kampung bau lisung"