Asa limbung asa linglung
duka naon sareng duka kumaha
bohak nyengcelak
nyasaak awak pasiksak
Gusti,
lamun mah disebut saperti agul hayang katangar
asa teu kitu jeung teu kudu kitu
ceuk hate
lamun mah kuring salila ieu
mendem rasa nunda karasa
samata-mata ngan ukur teu hayang ngabagi tunggara
keun... diri anu ngarandapan, palias batur kapilaraan
tapi gening teu kitu
pajar kuring sumput salindung
padahal ngan ukur niat ngabendung
sangkan samagaha... teu nembrak ka sararea
ceuk hate
naon atuh nu disebut agul miharep punjul
estu diri lain beuti... tapi sakadar sirung na tunggul
teu jelas rundayan tur kokocoran
estu nyangsang dina sapotong lalayang nu nguyung nguyang
duh awak
deudeuh teuing anjeun disasaak
majar diri teu bisa ngaragap awak
asa kutega.....
manglayang, 662026
