Kamis, 01 Maret 2018

SUMUJUD

naha beut rus ras....
kabayang dina kongkolak....
waktos anjeun nungtun kuring meuntas wahangan....
cukang jambe nu ngadadak simpe...
ngajampe ka anjeun nu nganteur sapinuh hate....
anjeun nu dareuda jeung semu era
wakca seja nitip kuring ka sakola
sangkan bisa maca, pikeun bekeleun jaga....
palias jiga ema nu tuna kabisa... cenah bari cumalimba
komo ari ras...
pajarkeun kuring nu teu apal rupaning bapa...
kiwari...
anjeun diuk moyan dina bangku anu basajan...
lain singgasana korsi gading gilang kancana...
rambut nu pinuh ku cetukna huis, leumpang nu tos cueut ka hareup....
janten saksi yen anjeun istri sajati, anu rongkah ngatik ngadidik kuring....
duh indung.... hampura anu kaseja...
lamun kuring teu pati open ka salira...
pajarkeun riweuh jeung riweuh ku pasualan nu teu sapira...
mugia ngama'lum...
sanes putra anu seja ngijing sila...
kirang peryoga ka salira ema...
estu kuring era parada...
nepi ka kiwari teu bisa ngadama-dama
teu bisa mulang tarima...
Robighfirli waliwalidaya warhamhuma kama robbayani shogiro...
Aamiin