GIRIMIS KAHIRUPAN
(carpon ku Abu Fadhlan)
Sapaparat jalan Asep ngagas
motorna, teu siga batur motor teh cing belenyeng, maklum motor kolot, najan gas ditarik pol oge
ngeyeted weh sakamampuanna. Ras deui pikirannana inget basa Asep karek kaluar
SMA, pikiranna gilig seja nyukcruk laratan bapana.
“Dimana atuh bapa teh, abdi
hoyong pendak sareng bapa…” gerentes hatena. Ras, inget deui kana omongan indungna nu kungsi
muka riwayat yen bapana teh kaitung jalma bageur, tur nyakola dibanding jeung
sasamana mangsa harita. Cenah ceuk indungna bapana teh hiji lalaki anu someah,
handap asor tur gede tanggungjawabna. Naon atuh alatanna nepi ka paturay tur
luluasan ninggalkeun Asep nu harita di jero kandungan?, Teu wasa Asep rek
tumanya ka indungna. Da ukur di jawab ku cimata anu ngembeng.. Asep teu tega
mun ninggali indungna kudu lara alatan kudu ngaguar mangsa katukangna.
“Do’akeun ma abdi rek nyiar
pagawean…” harita Asep pamit kaindungna. Bari rada ngeureuceum maklum hate mah
teu bisa dibobodo yen manehna ngabohong. Asep budak anu kurung batok, malah
bisa kaasup kuuleun keur ukuran budak saumuranna mah, gilig pikir nyaba ka Kota
nu karek apal ngaranna wungkul, seja maluruh bapana nu teu apal ti rupa-rupana
acan.
Harita teh bulan puasa, asup ka
tanggal 14-an bulan puasa. Jrut, saurang
lalaki turun tina beus. Palahak polohok di terminal. “kamana jang…?” aya kenek
nu nanya. Asep ukur ngabigeu maklum teu apal kudu nanyana kumaha. Panas poe anu
tarik, ditambah ku beuteung anu kosong maklum puasa, teu mugagkeun kanu
lampahna. Asep ngadeukeutan tukang beca nu tengah tuwu. “punten bade tumaros upami
ka alamat ieu kapalih mana?” tanyana baru ngasongkeun salembar kertas eusi
alamat. Sanggeus dituduhkeun, gidig Asep leumpang sakaparan –paran. Dijugjug ku
badarat da geus biasa leuleumpangan mah.
Teu kacaritakeun di jalanna,
sakumaha pituduh tukang beca tadi Asep anjog ka lebah anu dicaritakeun. Asep
anjog ka hiji komplek anu alagreng bumen-bumenna. Harita wanci tereh maghrib, Asep
neangan masigit seja ngareureuhkeun kacape sakaligus nungguan buka puasa. “ah
da cai jang nginum mah aya” gerentesna. Sup Asep ka hiji masigit anu kaitung
agreng, maklum aya di komplek aheng. Kabiasaan di masigit teh mun bulan puasa
sok nyadiakeun jang tajil pikeun nu rek tajil di masigit, oge pikeun musafir.
“Alhamdulilah bisa buka yeuh…” gerentesna deui. Bada taraweh Asep mendeko keneh
di masigit. Jama’ah nuntutan mulang tinggal saurang lalaki anu pantesna
marbotna eta masigit. Katingalina eta lalaki teh kulicingcat jiga nu geus teu
betah. Asep isin rasa manehna ngalieuk terus manggut. “Adek mau kemana?”
tanyana sopan. “oh, saya kebetulan musafir pak, saya niat untuk tidur di mesjid
pak” jawab asep make basa Indonesia ngimbangan anu nanya. Eta lalaki teh
ngahuleng pok manehna ngomong, “di sini ga boleh de’ ada orang yang tidak di
kenal tidur di mesjid, sebaiknya adek lapor dulu ke ketua RT atau RW, kebetulan
RT nya lagi pulang kampung jadi Adek langsung aja ke Pak RW” saurna bari tetep
sopan. Ku sabab butuh asep ngamanggakeun.
Gok anjog ka hiji imah anu
sigrong, saurang ibu-ibu muka panto, bari nitah asup, sabada diuk dina korsi
anu kacida empukna keur Asep mah, jol saurang lalaki anu jangkung gede, salakina
pipantesenna mah. “timana cep?” inyana nanya. Asep, timimiti sangrok jeung eta
bapa-bapa anu taya lian ti pa RW teh hatena jigjig ratug. Aya rasa anu teu
biasa, nya pon kitu deui si ibu timimiti oge ngan nilik-nilik kana guratan
beungeut Asep teh. “Abdi ti cililin pa, sejak milarian wargi….” Jawab Asep
pegat-pegat. “oh.. dimana kitu wargi teh? Eh ari nami encep saha?” pokna deui,
“Wasta mah Asep pa, dupi wargi abdi teh saurna di wewengkon ieu..” jawab Asep
bari ngeluk tungkul. “saha ngaranna…?” Tanya pa RW nyeleksek. Wargi abdi namina
Amir”. Reup beureum beungeut pak RW teh demi ngadenge eta ngaran. “terus terang
ka Bapa, wargi teh wargi kumaha?”
tanyana deui. “Abdi teh saleresna milarian pun bapa, anu saur pun biang mah
namina Amiruloh, ari pun biang mah namina Maryam. Bari jiga nu kagok asong, teu
asa-asa deui derekdek weh Asep
ngadongengkeun jujutannana sakumaha nu katarima ti indungna.
“Braakk..!!!” aya sora nu
ngabeledak di rohangan tengah, jiga sora barang nu dibabetkeun. Sihoreng Asbak
nu dibaledogkeun ku anakna di rohangan tengah, titatadi oge barudakna
ngadarengekeun mangsa Asep cumarita. Ari Pa RW nungkup beungeut kudua
leungeunna, demi bu RW sabada ngadenge dongeng kitu, anjeunna ngajerit, bluk nyuuh.. anjeunna teu
tarima kana naon anu didengena. Anapon Asep, leketey hatena leuleus. 24 taun
salila hirup nyimpen kapanasaran peuting harita jadi peuting munggaran kabukana
babak anyar hirupna.
“Bapa..!!” tilu budak muru ka
Asep anu harita karek anjog ka pager imahna. Sakaligus muyarkeun lamunan Asep.
Sapaparat jalan dibarengan girimisna hujan, asep ngumbar lamunan, nyoreang
lampah katukang. “Assalamualaikum….!!” Ceuk asep marahmay, Muru ka barudak anu
mapag. “Bapa ku naon nangis?” ceuk anakna capetang. Asep karek sadar mun tadi teh
sajajalan bari ngalamun, cipanonna
murubut. “oh, tadi kapeureumpeunan, sok nyuhunkeun cai nginum bapa…!” ceuk Asep mengkolkeun perhatian
barudakna.
Cag.