Teu saendah sinetron
“Eneng mah ayeuna tos di wisuda,
malah Insya Allah bade diteruskan nempuh S2…” Asep ngan saukur ngabetem. “Atuh
nu kadua tos katampi di UI.. nyandak jurusanna oge nu hese, nu lian mah seueur
nu gagal… tapi Alhamdulillah si aa mah katarima” sambungna deui bari narik
napas lugina. Asep beuki tungkul kawas
bueuk meunang mabuk. Kekecapan eta nongtoreng kadenge wae ku ceuli batin Asep. Hujan beuki ngagebret, nu ngiuhan beuki
loba, sanajan memang marake jas hujan tapi rada paur ningali hujan dibarung ku
angin nu sakitu rongkahna. Tatangkalan pating pelenoy katiup angin. Asep masih
nangtung hareupeun bengkel tempat ngiuhan, ras deui pipikirannana
ngawang-ngawang, nyoreang mangsa katukang.
“Ari Asep tiasa ngaos?” ‘duk..! eta pananya teh nyentug karasana. Tapi Asep
tetep balem, ngan unggeuk tandana ngaenyakeun. Perih pisan harita karasana ku
Asep. Lain pedah ditanya bisa jeung henteuna ngaji, ngan eta weh asa
disapirakeun, pedah lain didikan jeung
atikanna meureun. Dimimiti dirina
dikakandung ku indungna nepi ka ayeuna geus jalujug, Asep can pernah panggih
jeung nu jadi Bapa. Sakalina panggih babasaan nu matak ngaraheutan karasa nurih
kana jajantungna…
Ras manehna inget kana carita
sinetron, kumaha digambarkeun hiji bapa anu teu pernah panggih, komo kasarna
mah teu ngurus, bakal atoh ngagabruk ka
anakna anu haat nyukcruk neangan nu jadi bapa. Dibarengan ku menta hampura sabab
rumasa geus tamelar.
“ulah di dramatisir hirup mah” beuki
nongtoreng kana ceuli Asep. Omongan bapana basa anyar paamprok. Teu aya
riuk-riuk ngarasa salah atanapi jorojoy hayang males katamelaranna salila ieu. Estu
nu karasa ku Asep bapana teh kalah ngabanding-banding
kaayaan dirina jeung anak-anakna nu ayeuna, nu sasat adi-adi terena tea.
Hirupna bruh breh… mobilna aya,
gedongna sigrong.. beuki era parada keur Asep. Rumasa manehna hirup prihatin ti
leuleutik. Boro-boro mikiran sakola luhur, sasat pikeun ongkos namatkeun SMA
oge jarang manggih, hirup estuning dilakonan ku leumpang. Ari ayeuna… Asep
ningali kanyataan mun Bapa kandungna teh kaasup jalma aya. Paniatan Asep ngan
wungkul hayang apal saha bapana teh jeung nepikeun pangbaktos hiji anak ka nu
jadi bapa, estuning clik putih clak herang teu aya nu di anjing cai. Komo-komo
rek nuntut raja kaya, atawa “ngagugat” naha salila ieu ditamelarkeun.
“nyaan hirup mah teu saendah
sinetron” gerentes hatena. Bari ceg kana helm.. hujan geus mimiti raat, Asep
gura giru hayang gera balik hayang nepungan kulawargana. Budak nu tilu nu jadi papaes
hirupna, ngongkolak dina juru panon. “keun bae geulis, kasep.. hidep tong apal
saha kokocoran hidep.. peun weh nepi ka bapa..” gerentesna bari nyelah motor
bututna.
Lamping Manglayang, maret 2016
“nu teu percaya kana sinetron”