JAMAN BARANGASAN
Pasosore, beda tisasari jalan macet, "aya
kacilakaan meureun" ceuk hate. Kuring terus seseledek neang
lolongkrang... sihoreng dihareup aya "tontonan". opat urang lalaki
garagah... degdeg sampe rupa hade.. keur ngahadang mobil treuk ku
motorna. beuki loba nu lalajo... beuki garagah katembongna eta lalaki
teh..., teu lila "brak... brak..." kaca mobil dibabukan ku helm eta
opat jagoan.
kuring teu hayang lalajo komo aya kereteg misah, rumasa kukakolotan, awak hengker jiga keuyeup apu.
sajajalan ngagerentes... "duh.. naha kiwari, jaman geus taya ras-rasan"
ceuk hate, lepas tinu salah jeung bener sagala pacengkadan bisa dituntaskeun ku jalan nu leuwih hade.

ras kuring ka jaman bihari, mangsa kuring ngalap elmu, cenah ceuk guru
kudu "tenggang rasa tur tepa selira" kitu cenah ceuk guru Pe-Em-Pe.
eh... meureun da ayeuna mah tos teu aya pelajaran Pe-em-pe na oge ketang. rumasa kuring mah sakolana jaman "ini Budi..." tur sakola di sd inpres.
ngalenyepan jaman kiwari, naha kamajuan teh teu bisa kaharti ku pikir... naha kuring nu tinggaleun zaman kitu, ceuk basa legeg na mah "konserpatip". ras deui inget ka Mang Dodo.. guru ngaji jaman keur leutik. cenah saurna "hirup teh ulah kumaha jaman...." kituna teh bari nyepeng nyere kawung... lamun aya nu baong teu antaparah deui "cepret...!!" kana bitis teh... tapi Mang Dodo teu aya kacaritakeun dilaporkeun ka Komnas HAM atanapi ka KPAI. Duh.. mang Dodo.. naha pangersa jumeneng keneh kitu? mugia Allah SWT ngabarokahkeun hirup pangersa......"
jaman kiwari loba pisan lembaga anu ngontrol tur telik pisan kana naon rupa tontonan atawa hiburan. cenah tujuanna teh pikeun ngajaring supaya barudak kiwari henteu kapangaruhan ku budaya anu teu ilahar. sahingga barudak kiwari ngajangelek jadi barudak anu santun. kiwari mah si Cepot ge pan nyakola.. matak tara sempal guyon ku basa garihal, komo si gareng mah tara-tara acan manggung da teu lulus jigana sakola basa na teh. ari ceuk kuring pribadi... asa leungiteun justru ku heureuy cepot teh.
tapi naha sikep barangasan tur jumago asa aing uyah kidul jadi tontonan live di panggung jalanan.... padahal wangkid ayeuna, pan tos teu aya deui dina radio oge dongeng "si Rawing" atawa "Andi jago tutugan" teh....
Ah.... ngan rumahuh na jero hate, ieu meureun nu ceuk sosioloh mah disebut jaman Gen-way (Gen-Y) teh; da kuring mah cenah kaasup Gen-X; tangtu moal kaharti kupikir kuring, moal nyambung meureun. Atikan jeung didikan oge... jigana dilarapkeun jeung jamanna, nyatana jaman Gen-Y tea;
Mugia para ahli bisa nyieun deui teori sangkan jaman tetep maju tapi teu leupas dina ajen diri salaku bangsa anu someah, handap asor, pinuh ku sikep ajrih tur resep gotong royong.
cag...
Lamping Manglayang, 22 Feb
Mangsa pecat sawed