Kamis, 03 Maret 2016

RUMASA JEUNG KARUMASAAN

RUMASA


Memang bener naon diucapkeun ku tukang ngarang, hirup lain ngumbara tapi diumbarakeun. sagalana geus aya nu ngatur, aya nu murbawisesa. 
Ngan kangaranan manusia sok aya rasa kacingcirihi, ngagugat kana kadar nasib diri sanajan ditutup ku istighfar.... palias naudzubillah.....
Saha atuh nu hayang gubrak ka alam dunya dina kaayaan nu teu ilahar. diparengkeun indung jeung bapa talak paturay, bari saru nepi ka ayeuna carita anu sajatina. dipahing jigana pikeun kuring nalungtik saha nu salah jeung bener. 
Kuring jadi jalma anu kudu mandiri, neuleuman naon rupa kajadian jeung kaayaan ku sorangan, bari tetep kudu ditilaman ku wayahna jeung rumasa. Teu meunang loba pamolah, estu kudu nampi sadaya-daya.
Lamun kuring sakola, sakadar ngudag ka-fardhu-an wungkul. "sakola meunang tapi kudu murah". Kuring sakola diudag ku nikreuh... dijugjug ku leumpang kamana wae oge, slogan kuring harita "Nikreuh ngeureuyeuh sanajan bari jeung pateuh".
ceuk batur kuring boga uteuk nu rada onjoy... mun sakola peunteun teu ngerakeun. estu kuring jadi picontoeun pikeun nu lian, eta teh ceuk bu guru ketang.
Rumasa nepi ka kiwari,  kuring teu pernah nincak bangku kuliah. Padahal ceuk batur, sakali deui ceuk batur lain ceuk kuring... kuring bisa asup ka sakola luhur nu mana wae, nu dipiharep. Ngan eta atuh, sakali deui kuring gimir ku biaya. sabab ceuk batur kuliah teh biaya na mahal kaliwat langkung.
Kiwari lamun dina kahirupan natangga, dimana kuring rek minton.. rek mupuhu. geus ilahar mun ditanya "lulusan mana? gelarna naon?"
Biasana kuring ngabelehem.. teu wasa ngajawab sabab memang kuring teu pernah ngalaman sakola luhur.
mun geus kitu, biasana kuring "mundur teratur", balik deui jadi jalma anu "kuuleun"
hirup duh hirup..... 
Insya Allah kuring tetep syukur ka Hyang Agung anu maparin pirang kanikmatan ka kuring dugi ka denget kiwari.

Cag

Manglayang, 4 Maret 2016

"Wanci hujan girimis"