PANINEUNGAN 2
taun 80an.... manjing subuh hayam jago
kongkorongok... di pawon nini kuring nirun seuneu, kepuh.. kepuh niupan
songsong... seeng nyengsreng urut nyangu, aseupan geus diangkat,
disangkeh... bru sanguna dibahekeun kana dulang digeber ku hihid bari
diakeul cukil gede...
kuring diuk dina jojodog.. nungguan sangu uyahan nu dikeupeul-keupeul dina daun cau... sarapan matuh eta teh.
huut nu keur digodog geus cing peletuk jiga kawah gunung... tiap isuk aki kuring mulang ti tajug sok maraban hayam nu ngampih di kolong imah

isuk-isuk ngabring ka sakola.. baham ngarebul lamun ngomong... bakat ku
tiris.. mapay galengan.. mentas balungbang nu euweuh cukangan, caina
paling jero satuur kuring... kadieunakeun, mangsa kuring kelas lima mang
Aja nyieun cukang dina tangkal jambe dua leunjeur...bras ka kebon
jagong, kebon hui, nepi ka anjog ka sakola sisi pasawahan. mindeng ebat
sakola teh, resep ningali nu ngaleugeut piit ku geutah nangka
balik sakola, tara geuwat mulang... tapi ngasag hui heula.. tampolana
lamun ngasag hese mah, jeung pareng mang Udi balangah.. kebon hui na teh
di ranjah.. nepi ka imah baham pinuh ku taneuh, sabab hui atah
digegelan sajajalan
teu aya kagiatan les, eskul jeung sajabana harita mah. estuning balik teh langsung ulin...
aki kuring sok nitah ngarit, pikeun parab "si langgir" domba adu jawara, kameumeut aki eta teh.. kadang-kadang sok dituntun dibawa ka walungan cibeureum dikeueumkeun, dimandian.

pasosore wanci asar,
kuring sok dikeprak-keprak ku kolot teh di titah mandi, budak lalaki mah
bring ka balungbang.. ngarojay, lamun budak awewe ka lebak..
kapancuran seke atawa ka sumur siuk. ari kabiasaan aki kuring matuh..
jam sakitu teh ngajingjing radio rek ngadengekeun dongeng mang Rahmat nu
diteruskeun ku ngaregepkeun ceramah AF ghazali.
mangsa kuring
kelas tilu sd, sok resep mun balik sakola mawa timbel lalajo buldoser..
ngadoseran sawah aki kuring. teu ngarti naon sababna didoseran, ngan nu
tangtu munding oge geus dijual, duka naon caritana da harita mah
dipahing pisan budak hayang nyaho urusan kolot. Malah aya hororna
sagala, mangsa ngadoser kuburan di wewengkon cibarengkok mah loba
tangkorak cing gulutuk. tapi harita mah resep weh....
ayeuna tahun 2016
kuring nangtung sisi pom bensin, jalan Dr Djunjunan.. saha nu teu apal ka jalan eta, akses ka panto tol Pasteur... primadona urang luar kota lamun nyaba ka Bandung. Kebon sampeu, kebon hui, jeung kebon jagong... ayeuna jadi perguruan tinggi elite di wewengkon eta.. Tegal pasireun balungbang tempat kuring ngangon jeung menbal, jadi real estate nu gerbangna di jaga ku satpam. sawah aki kuring kiwari jadi hotel, jadi super market.
malah maju ka sisi kota, lapang brimob tempat kuring lalajo Ajat, pamaen Persib, idola kuring harita; ayeuna jadi mall anu araheng.
pangeusina matak era nu nempo.. baju parungsat.. buuk barule....
naha indonesia keneh kitu ieu teh?
naha nyunda keneh kitu didieu teh?

24 peb '16
wanci manceran
"kuring nu kampungan"